Jumat, 01 Juni 2012

bagean - bagean carita wayang


Carita Wayang

Bagean – bagean tina pagelaran wayang:
1.      Kakawen
Tembang dalang dina pegelaran wayang golek, ngagunakeun basa kawi, eusina mangrupa deskripsi kaayaan adegan nu keur dicaritakeun. Istilah kakawen teh aya oge nu nyebutkeun suluk , piriganana make laras salendro.
2.      Murwa
Kekecapan bubuka dalang sabada kakawen umumna sok ngagunakeun basa kawi. Tapi para dalang wayang golek mah loba nu ngagunakeun basa Sunda, diucapkeun bari dipirig ku gamelan anu hawar-hawar.
3.      Nyandra
Proloh nu dicaritakeun ku dalang sabada murwa, ngagambarkeun kaayaan karajaan, kagagahan jeung kaagungan raja, kautamaan (sipat sareng dangdosan) bari dipirig gamelan anu hawar-hawar.
4.      Antawacana
Paguneman atawa dialoh antar tokoh wayang dina pagelaran wayang. Unggal tokoh teh miboga sora nu mandiri, nepi ka nu lalajo nu geus apal mah bisa neguh saha nu keur nyarita najan ukur ngadenge tina sorana bae.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar