Jumat, 01 Juni 2012

harti bewara


Bewara
Bewara asal kecap tina biwara (basa kawi) nu hatina embaran atawa undang-undang . Kiwari mah hartina sarua jeung wawran atawa pengumuman tea, eusiana  bewana biasana mangrupa beja atawa informasi anu perlu dipikanyaho ku jelma rea, demi tujuan nepiken bewara teh bisa rupa-rupa, bisa mangrupa uar pangajak (persuasi), propaganda,biklan atawa promosi jeung sajabana.
Mun nitenan wawancana di luhur kalawan gemet, urang bisa nyindenkkeun yen eusi
 Bewara nu ditepikeunana teh mangrupa uar pangajak ti pihak osis ka para siswa, sangken milu ngarojong dina raraga mieling poe basa indung internasional atanapi Mother Tongue Days, nilik kana guluyur basa nu ditepikeun dina eta bewara, tetela gampil pisan geuning anu kudu diperhatikeun nepikeun  bewara, tangtu bae kudu merhatikeun basa nu dipakena, lentong, tatakrama katut ejahanana. Sabab mun basa katut ejahanana pabaliut, bakal hese katangkepna boh ku nu maca boh ku nu ngadengekeunana. Umumna basa nu dipake dina bewara mah sok ngagunakeun  basa loma bae. Pek titenan geura conto bewara ieu dihandap anu dicutat tina majalah Cupumanik

Bewara
Pasanggiri ngajena buku carpon mini sunda
Lembaga kabudayaan mekar parahayangan, gawe barung  jeung  penerbit kiblat buku Utama Katut Paguyuban Panglawungan Sastra(ppss), baris ngayakeun pasanggiri ngajenan Buku Carpon Mini Sunda. Ti pulpen tapi ka pajaratan cinta (Kiblat Buku Utama, Seri Girimukti, 2002). Tujuanana, pikeun ngaronjatkeun pangajen balarea kana buku-buku sunda, pangpangna buku carpon mini.

Katangtuan pasangiri:
1.      Saha bae bisa miluan iue pasangiri
2.      Karangan winagun prosa (esey) tur ditulis make basa Sunda
3.      Eusi karangan ngejana salah sahiji carpon anu aya kumpulan carpaon mini ti Pulpen nepi ka Pajaratan Cinta, bisa mangrupakun kritik atawa atas bahsan. Sakur pamilon bebas pikun ngajen  carpon mana bae, henteu diwatesanan ku sahiji  judul.
4.      Panjang karangan 2-3 kaca, di ketik dina keretas karton 1,5 spasi, antara 4000 nepi ka 5000 karakter.
5.      Sakur pamilon bisa ngirimkeun karangan lewih ti sajudul
6.      Karangan kudu bisa katarima ku panitia paling elat 10 oktober 2003 (cap pos ). Dina juru kencana amplop ditulis Pasanggiri Ngajenan Carpon Mini, sarta dikirimkeun ka panitia Pasanggiri Ngajenan Buku Carpon Mini, Jl Karawitan no. 46 Bandung 40264 Telp. (022) 7304764.
7.      para pinunjul  baris dibewarkeun tanggal 28 oktober 2003
8.      putusan juri teu bisa digangu-gugat

Hadiah:
Disadiakeun hadiah pikeun para pinunjul
1. Pinunjul I                                                     RP.1.000.000
2. Pinunjul II                                                    RP.   750.000
3. Pinunjul III                                                  RP    500.000
4. 12 Pinunjul HAREPAN @ RP. 100.000
Bandung, 5 juli 2003
Pantia Pasanggari Ngajenan Buku Carpon Mini Sunda

Drs. Soeria Disastra                                                                 Dra. Etti R. S., M. Hum
Ketua                                                                                       Sekretaris



Dina pedaran di luhur ditetelakeun yen napikeun bawara teh bisa rupa-rupa tujuan gumantung kana kaperluanana. Pek titenan ieu beware kapapatenan nu diembarkeun ku koran Kudjang!
Innalillahi wainnalilahi roji’un
Simpay pangasuh Kujang
Ngiring sungkawa ku ngantun na

Bapa  R.H.M. Sobri Hardjapamekas
(salah sawios sesepuh Sunda, yuswa 92 tahun)

Mugi ditampi iman Islamna. Amin

Pamingpin Umum

Drs.H. UU Rukmanana, M. S

-          Ngararangken kecap dina kalimah
Kecap kukumpul,pibekeleun, susuganan, nganti – nganti, jeung ragragna mangrupa kecap nu geus dirarangkenanjeung dirajek (kaasup rajekan binarung rarangken). Kecap pibekeleun asal kecap bekel make rarangken barung pi-eun, kecap ragragna asal kecap ragrag make rarangken tukang –an. Sedengkeun kecap kukumpul, nganti-nganti mangrupa kecap rajekan dwipurwa jeung dwimurni, kecap susuganan asal kecap sugan, mangrupa kecap rajekan dwipurwa binarung rarangken tukang    -an.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar